Blog | Beli Rumah | Belajar HTML dan PHP | Kontak | Gmail | Uang Adsense
Audit Sistem Informasi
Sistem Informasi (S1)
Manajemen Informatika
Komputer dan Pendidikan
Pengobatan Ruqyah
Daftar Isi | Skripsi SI | B. Arab | Sertifikat Komputer Internasional | PrivacyPolicy | Inggris Arab

Friday, February 10, 2017

Boa Ieu Tresna Munggaran tur Pamungkas Téh Fiksi Sunda

Hello Katabah!
Fiksi ini edisi bahasa Sunda dan dipublikasikan pula di grup FB, Fikmin Basa Sunda. Selamat membaca!


Geus nincak umur 30, kuring can ngasaan pacepeng pageuh sareng kadeudeuh.

Karir jeung kuliah méh nungkebkeun dunya asmara nu cenah mah kacida endahna ngarasa dunya asa nu duaan. Lutleut layeut ngaleueut pateuteup geugeut sareng kameumeut.

Teuing ti mana awalna, teuing kumaha carita awalna, dua minggu ka tukang, haté kuring teu weléh tibelat waé ka si manéhna.

Duh, Euis nu geulis kawanti-wantiii...
Tong dicarioskeun ari nuju nyorangan di saung kebon mah, raray anjeun teu weléh kabayang baé.

Ieu mah nuju mangpalérkeun haté di tempat gawé ngarérét loba awéwé rupa hadé angkéng gélényé, aéééh imut salira teu weléh ngagelenyu amis ibarat peueut, meungkeut haté kuring nu keur simpé, ngabétahkeun panon kuring nu keur balingsatan bengong noong nu nangningnong.

Duh, Euis....Akang hoyong nangis deudeuh ngagéléhé dina lahunan salira.
"Investasi Emas dan Reksadana, Untung Mana?."
Youtube: Katabah Com: Menuju 1 jt Konten :)

No comments:

Post a Comment