Blog | Beli Rumah | Belajar HTML dan PHP | Kontak | Gmail | Uang Adsense
Audit Sistem Informasi
Sistem Informasi (S1)
Manajemen Informatika
Komputer dan Pendidikan
Pengobatan Ruqyah
Daftar Isi | Skripsi SI | B. Arab | Sertifikat Komputer Internasional | PrivacyPolicy | Inggris Arab

Saturday, February 11, 2017

Obat Tolak Cinta Fikmin Sunda

Hello Katabah!
Minggu ini, mood Abah lagi mengarah ke menulis fiksi bahasa Sunda. Enggak apa-apa sebagai refreshing dari belajar bahasa Arab.

Fikmin # Obat Tolak Cinta # yang dipublikasikan di grup FB, Fikmin Basa Sunda, mendatangkan cukup banyak like. Hati Abah terasa jingkrak-jingkrakan. Haha


"Duh, Néng, Akang nyeraaah." Udin ngaheruk tunuk tungkul bari biwir ngageter di hareupeun wanoja geulis manis nu geus 12 kali nolak cintana.

"Teu kenging nyarios kitu atuh, abdi asa dosa."

"Kumaha deui atuh, Néng? Beuki mopohokeun salira, malih tambih sono. Milari gentos, raray salira teu weleh némpél dina soca. Ngolo deui salira, pan tos ditolak 12 pas."

Udin saeutik neuteup raray wanoja nu tos meruhkeun haté pangjerona.

"Akang meredih kanggo didoakeun supados Akang teu kumalayang émut teuing ka salira."

"Muhun, Kang! Didoakeun pisaaan. Sanés teu nyaah, kumaha atuda."

Sabulan liwat, Udin datang deui bari ngomong yén manéhna malah beuki bogoh.

"Tenang, Kang! Ieu yeuh obat mujarab mah. Punten nya, Kang! Diantos kasumpingan Akang sakeluargi di rorompok kanggo nangtoskeun kaping jatukrami patali asih caroge sareng isteri nu silih pikahéman neuleuman endahna sawarga urang duaan."
"Investasi Emas dan Reksadana, Untung Mana?."
Youtube: Katabah Com: Menuju 1 jt Konten :)

No comments:

Post a Comment