Blog | Beli Rumah | Belajar HTML dan PHP | Kontak | Gmail | Uang Adsense
Audit Sistem Informasi
Sistem Informasi (S1)
Manajemen Informatika
Komputer dan Pendidikan
Pengobatan Ruqyah
Daftar Isi | Skripsi SI | B. Arab | Sertifikat Komputer Internasional | PrivacyPolicy | Inggris Arab

Sunday, October 30, 2016

Kapentang Asmara Mojang Ngora Carpon Bahasa Sunda

Hello Katabah!
Carpon ini bisa dikatakan agak nyambung (saling terkait inspirasinya) dengan judul ini: “Manehna Geus Aya Nu Boga”. He..he..


Geus rineh kareuwas kuring naksir kanu geus boga salaki. Bray, bray, bray, singkalolebat aya raray nembongan. Asa mirip jeung nu tadi di FB, tapi ayeuna mah asa geus leuwih wanoh.

Panon dikeureudeup-keureudeup, hayang eces saha nu nembongan dina lamunan teh.

“Duh hujan geus raat deuih.”
“Ah, bae we, kagok pesbukan. Kebon sorangan ieuh, moal aya nu mecat.”

Heueuh we ngaranna ge inget pisan. Eta wanoja pernah amprok dua taun katukang. Harita ge kuring geus kabandang, tapi sabab hayang bisnis heula, kuring teu pati ngajurung kana kahayang.

Tambah-tambah deui, manehna asa kurang jangkung. Kuring hayang nu leuwih jangkung saeutik ngameh perbaikan keturunan. Ari irung mah geus mancung, geulis camperenik, soca ge meni anggun, pinter deuih. Imutna? Tong ditanya deui, ngaalinyen langki katinggal waos nu beres bodasna.

Kuring muka profilna, sanajan masih kasieunan hanjelu deui.
“Aduh foto-fotona meni matak ngaruntagkeun jagat hate nu keur tibelat.”

Nu nganggo gamis, katinggal nutupna. Nu nuju nganggo jeans sareng acuk bodas, meni katinggal ramping artisna. Eta remana, meni matak hoyong paamprok ramo pacepeng pageuh sareng anjeunna.

“Keur nulis carpon ieu ge, da soca sareng imutna teu weleh kabayang-bayang bae atuh para pamiarsa sadaya haha….”

Hey, gening statusna “sudah menikah”.
“Bener ieu teh? Atuh kuring telat deui?”

Bari rada sabar, kuring macaan sababaraha komentar dina fotona. “Mun geus kawin ge, keun we atuh ari migandrung ti kajauhan mah. Da kumaha atuh ari bogoh mah? Asal teu ngagoda manehna we nya….!”

Bray teh, panon poe asa caang. Dunya lega nakeranan.
“Iraha bade nikahna?” ceuk baturna ngagonjak.
“Mangga we salira heula” kitu ceuk manehna teh.

“Gustiiiii….berarti manehna can kawin. Eta status teh ngan saukur pupulasan.”

“Rek dicangcang ati siah. Geus beres kuliah nu saeutik deui, rek langsung ka bale nyungcung.”

“Beu ambeuu….umurna ngora teuing….”

Tapi, sugan we daekeun….da ceuk batur mah kuring ge teu goreng-goreng teuing. Malah aya sababaraha awewe geulis nu ngomong yen kuring teh kasep jeung awet muda. Tapi dipuji kitu ge, hate mah tetep teu kapincut ku pujian. Cumantel mah ukur ka simanehna.

“Sun jauh, geulis. Antos akang bade ngabandang salira saenggalna.”
"Investasi Emas dan Reksadana, Untung Mana?."
Youtube: Katabah Com: Menuju 1 jt Konten :)

No comments:

Post a Comment