Blog | Beli Rumah | Belajar HTML dan PHP | Kontak | Gmail | Uang Adsense
Audit Sistem Informasi
Sistem Informasi (S1)
Manajemen Informatika
Komputer dan Pendidikan
Pengobatan Ruqyah
Daftar Isi | Skripsi SI | B. Arab | Sertifikat Komputer Internasional | PrivacyPolicy | Inggris Arab

Sunday, October 30, 2016

Manehna Geus Aya Nu Boga Carpon Bahasa Sunda

Hello Katabah!
Walaupun diberi judul “Carpon Bahasa Sunda”, Abah berpendapat ini hanya cerita fiksi yang ditulis mengalir saja. Abah belum tahu kaidah penulisan Carpon yang benar.


“Manehna Geus Aya Nu Boga”
Musim hujan kieu, ka kebon? Asa mindeng kabulusan. Lengeun ba’al, biwir asa kandel, tuur ge nyorocod.

Jukut ditunda, kuring terus ngoloyor ka saung kebon. Jegur ngadurukan. Dampal leungeun dideang-deang kana seuneu.

Teng….pikiran kumalayang, inget ka calon pipamajikaneun. Ema jeung lanceuk geus mere lampu hejo piken gera boga pamajikan. Kacida ari tatangga jeung babaturan mah ribut ti baheula. Majarkeun “Bisi jadi bujang lapuk.”

“Heueuh puguh ge umur teh gening geus leuwuh ti 30 na.” Babaturan mah geus nyalolegreng hiji atawa dua bati nu baronceret.

“Ah, gara-gara luhur teuing cita-cita…! Kawin henteu, beunghar henteu!” gerentes teh. Tapi eta atuda, ari asal kawin terus boga budak mah meni eweuh aduna hirup teh. “Kawin-boga budak, ngawinkeun-incuan” nu teu sakola ge bisaeun kitu mah.

“Ngamumulu turunan?”
“Ah, dimumule soteh mun turunan alus. Ari turunan kamalaratan jeung bodo mah keur naon dipusti-pusti. Ngaheurinan dunya….!” Hate galecok bari suku rada ditarik ngajauhan seuneu durukan. “Asa geus haneut ieu teh.”

Inget deui ka pokpokan ema di lembur: “Mun bisa mah neangan jodo teh tong jauh-jauh teuing, ripuh ngajajapna! Ripuh duitna jeung ripuh fisikna.”

Kuring rada panuk kana saran ti ema. Malahan rarasaan mah mojang di lembur kuring teh asa leuwih gareulis tibatan di kota tempat kuring dumuk jeung gawe.

Jung nantung, kuring diuk rada anggang tina durukan bari muka hape. “Muka pesbuk ah…sugan we aya calon bebende hate.”

Bari rada lieur ningalian foto-foto urang lembur, kuring maksakeun da hujan ge can raat.

“Alah eta saha meni ngagenclang herang?”
Panon molotot ninggali foto awewe meni geulis nakeranan. Imutna, socana sareng sagalana meni asa nembus jajantung. “Ieu kitu bidadari surga keur kuring teh?"

Da atuh meni loba cumpon kana kahayang kuring: marahmay, dikerudung, jangkung alit, teu namblog ku wedak, basajan, urang lembur, guru deuih. Memang aya nu rada rumenghap, lambeyna beureum teuing, tapi tetep mencrang atuda.

Teu nunggu waktu, nunda mangsa, kuring sumanget nakeranan muka profilna. “Kabeneran euweuh status nikah euy…!”

“Amboing-amboing meureun ieu bidadari surga nu ku gusti geus disiapkeun teh.”

Kuring add, manehna narima. Kuring kirim pesan “Say hello ngenaan lembur”, manehnya ngabales.

Duuuh, hate asa sumeblak ratug tutunggulan asa geus amprok nyaan. “Rek diteang siah ka kolotna” ceuk hate galecok.

Beuheung asa jagreug, meureun anteng teuing pesbukan. Regot-regot weh nginum heula cai tiis nu ngagenclang dina gelas. Pameunteu anjeunna asa nembongan wae dina sesa cai na geulas nu tinggal satengah deui.

Panasaran, kuring nulis ngaranna dina Google. “Har, aya dua account FB gening, foto profilna sarua?”

Duanana dibuka.

Ana koceak teh ieu hate, ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat. Suku kokosadan. Leungeun meureup teuas nakeranan. Panon ditutup, asa aya saeutik cipanon ngenclang. “Duuuuh gusti, manehna teh geus kawin…..! Malahan geus boga anak.”

“Asa hayang ngabeubeutkeun ieu hape.” Tapi edas teu boga deui. Ieu ge pamere. “Atos gusti, abdi teu kiat….!”

"Investasi Emas dan Reksadana, Untung Mana?."
Youtube: Katabah Com: Menuju 1 jt Konten :)

No comments:

Post a Comment