Blog | Beli Rumah | Belajar HTML dan PHP | Kontak | Gmail | Uang Adsense
Audit Sistem Informasi
Sistem Informasi (S1)
Manajemen Informatika
Komputer dan Pendidikan
Pengobatan Ruqyah
Daftar Isi | Skripsi SI | B. Arab | Sertifikat Komputer Internasional | PrivacyPolicy | Inggris Arab

Friday, April 11, 2014

Kolebat Nu Geulis Dina Beus

Kuring uprek ngobrol jeung pamuda nu calik gigireun jok. Beus terus maju dibarengan reupna poe, dipapag poekna Magrib nu beuki nuju ka peuting. Najan bingung piobroleun, maklum tos tebih pisan ieu perjalanan teh, kuring maksakeun ngobrol sabisa-bisa, ngameh teu disangka somse (sombong sekali).

“Tuh, Kang hiji tos aya nu naek!” Saur eta pamuda. Anjeunna nunjuk ka hiji wanoja nu nganggo seragam pabrik. Kuring ngan tiasa unggeuk, jeung seuri saeutik, margi asa teu pati penting.


Tapi kuring kudu ngahargaan obrolanna margi anjeunna kantos damel di pabrik anu seragamna sami sareng eta wanoja. Kusabab teu katinggal rarayna, ah teu pati ngeuh ngupingkeun obrolanna eta pamuda teh.

Antukna kuring tunduh. Reup weh tibra heula. Pas ngalilir, kuring dituduhkeun deui ka wanoja-wanoja nu nganggo saragam pabrik. “Euleuh ayeuna mah makin seueur nya kang!” Ceuk kuring.

“Muhun, pan bade sip malam.”

Kuliat-kuliat, kuring ngalempengkeun suku nu tos cangkeul pisan. Soca ge dibeunta-beunta, ngameh ulah tibra sare deui.

Gurudug-gurudug…. Singhoreng panumpang nu nganggo saragam pabrik beuki nambahan. Aya nu kabagean jok, aya oge nu nangtung. Kuring ngeus ngarasa teu puguh, sawab sababaraha karyawati aya nu nangtung. Kuring rek nangtung, ieu tuur asa tos paketrok. Ari kuring jongjon, asa kaisinan ku identitas lalaki.

Gurilap, gurilap, gurilap….gening aya nu ngolebat…!
Euleuh aya naon itu di payun. Kira-kira jarak 3 baris jok aya karyawati budak ngora keneh, geulis camperenik, rambutna ge panjang deuih. Jigana karek lulus SMA eta budak geulis teh.

Euh… imutna ge meni amis budi bari nyarios ka baturna nu keur diuk di jok.

Saragam pabrikna katutupan ku switer bodas. Rambut ngarumbay rapih. Wedakna sederhana. Jiganamah teu nganggo lipstik, da teu katinggal beureum jiga nu sejenna.


Duuuh gusti, kayungyun eta wanoja. Anggoanna rapih, teu sombong, imut ngageuleunyu, make-upna teu naramblog. Hmmm cocok pisan keur kuring…. Tinggal dikerudungan. He…he… Kuring nyengir saeutik nyawang-nyawang nu jadi impian.

[Fiksi]
"Investasi Emas dan Reksadana, Untung Mana?."
Youtube: Katabah Com: Menuju 1 jt Konten :)

No comments:

Post a Comment