Blog | Beli Rumah | Belajar HTML dan PHP | Kontak | Gmail | Uang Adsense
Audit Sistem Informasi
Sistem Informasi (S1)
Manajemen Informatika
Komputer dan Pendidikan
Pengobatan Ruqyah
Daftar Isi | Skripsi SI | B. Arab | Sertifikat Komputer Internasional | PrivacyPolicy | Inggris Arab

Saturday, April 23, 2016

Cik Atuh Ari Seuri Mah Da Teu Meuli!



Hello Katabah!
[Edisi bahasa Sunda]
Geus lila teu nulis make basa Sunda. Pikiran kumalayang panasaran hayang nyaho bahasa dulur alias bahasa luar negeri. Ti mimiti mukaan kamus nepika ngagabung kana sababaraha hiji media sosial husus diajar basa asing.


Nu jadi target teh biasa we: bahasa Inggris, Arab, Jepang jeung Mandarin. Sugan teh bakal rame, tapi nyatana angger we media sosial husus diajar basa asing jeung media sosial umumna saperti Facebook, Twitter jeung Google Plus jigana sabelas dua belas, ampir sarua.

Para native speaker nu diajak ngobrol loba nu lain ahlina. Antukna, kuring jadi ragu, naha bener jawaban maranehna teh?

Naha ragu kana kamampuan native speaker?
Sawab kuring oge ngarasa yen teu pati apal teori ngeunaan basa Indonesia jeung Sunda, padahal kuring bisa ngarti kana ampir sagala tulisan nu ditulis dina dua bahasa eta.

Sawab aya karaguan, antukna kuring teu aktif deui di forum Languages Exchanges. Kurang pas! Nu leuwih pas pikeun kuring mah maca buku atawa blog. Mun aya tanyakeuneun karek login kana forum.

Duh, gening jadi ngacaprak kana basa bagsa dulur nya? Tenang we, eta mah curhat heula memeh ngabahas “Cik Atuh Ari Seuri Mah Da Teu Meuli!”

Kuring kacida resepna lamun aya jelema nu resep seuri. Tapi tetep kudu teratur. Mun dina basa Indonesia mah “senyum”, lain “tawa”.

Dina basa Sunda, aya sinonim pikeun “tertawa”, nyaeta: “gumujeng”. Aya oge nu make istilah ieu “seuri ngaalinyen.” Frase “seuri ngaalinyen” biasa dipake pikeun ngagambarkeun seurina wanoja geulis nu eukeur seuri saeutik, tapi merenah (matak runtag hate jajaka nu nempona ha..ha..).

Hanjakal binti hanjelu, kabiasaan seuri nu daria teh beuki hese dipanggihan. Teu percaya? Sok we, datangan kantor-kantor, termasuk kampus-kampus atawa sakola-sakola. Kuring ngarasa loba jelema nu kurang seuri alias cuek.

Tong boro-boro mahasiswa, stafna ge loba nu mahal seuri, kecuali kanu dipikaajrihna.

Kunaon loba nu nahan seuri?
Meureun mah ieu alasanna:
1. Bisi disangka unyahnyir (playboy atau playgirl, tapi lain playgroup mah)
2. Bisi aya nu calutak (teu dihormat)
3. Ngarasa pangcapena atawa pangsibukna
4. Sombong
5. Teu nyaho yen seuri teh ngeunah ditempo batur.

Tah, ti mimiti ayeuna mah hayu urang seuri, tapi ulah loba teuing seuseurianna, kacida seuri sorangan mah, bisa disangka nu gelo…! Ha..ha..

Nempo jelema nu “seuri tulus” alias “gumujeng” teh ngeunah, nyaho…? Teu percaya? Sok, we rasakeun mun boga kabogoh baketut haseum, kumaha tah?

Caaag, pedaran basa Sunda ngeunaan “Seuri” teh cukup heula. Kuring asa teu pararuguh sabab kudu nulis make basa Sunda tingkat “loma” (sedang). Betah mah basa Sunda lemes we…, tapi surat kabar Sunda biasana make basa Sunda loma. Jadi, kuring kudu nyoba.

Eh apal teu? Memeh nulis “basa Sunda loma”, kuring nulis “basa Sunda sedeng”. Tapi teu jadi, sabab kata “sedeng” bisa boga dua harti lamun dibacana beda.

Kata “sedeng” nu huruf e-na dibaca jiga dina kata “tetep”, maka “sedeng” hartina “sedang” atawa “tengah-tengah”.

Tapi kata “sedeng” nu huruf e-na dibaca dina kata “tempe”, maka “sedeng” hartina “edan” atawa “gelo” alias “gila”.

Conto:
Dasar jelema sedeng!
(Dasar orang gila!)

Jangkung kabogoh kuring “sedeng-sedeng” we.
(Tinggi pacar saya “sedang-sedang” saja)
"Investasi Emas dan Reksadana, Untung Mana?."
Youtube: Katabah Com: Menuju 1 jt Konten :)