Blog | Beli Rumah | Belajar HTML dan PHP | Kontak | Gmail | Uang Adsense
Audit Sistem Informasi
Sistem Informasi (S1)
Manajemen Informatika
Komputer dan Pendidikan
Pengobatan Ruqyah
Daftar Isi | Skripsi SI | B. Arab | Sertifikat Komputer Internasional | PrivacyPolicy | Inggris Arab

Friday, November 4, 2016

Ngantos Inbox ti Kabogoh Surat Cinta Bahasa Sunda



Hello Katabah!
Duhai Nurhayati malati ati ti Cilaki, junjunan Akang, bentang mencrang Cidaun anu kayungyun.

Sababaraha dinten ayeuna, Akang remen muka pesbukan. Sanes bade eksis sapertos artis, sanes bade nganti-nganti laik ti seuer jalmi. Akang mung hoyong terang, dupi salira parantos masihan balasan.


Sadinten, dua dinten, salira teu aya wartosna. Namung, kalangkang junjunan, Akang mah terang. Duh kunaon atuh salira? Naha Akang lepat pesan? Naha Akang tos kirang sopan ngintun pesan kamalinaan? Naha salira anteng ku kasibukan?

Hate Akang ngarakacak. Boa salira bendu ka Akang. Leumpang asa ngoleang. Pikiran kumalayang. Nganaha-nganaha, naon atuh nu tos ngaraheutkeun manah salira?

Akang maksakeun ngintun pesan enggal sanaos inggis teu ditampi deui. Tapi namina ge ieu ikhtiar, nya dicobi sakiat akal.

Muka Pesbuk tos rada embung, sok sieun salira tos teu aya. Salira nebihan Akang, teu aya hawar-hawarna.

“Duh gusti, itu aya nu beureum, nyentil leutik angka hiji dina notifikasi. Sugan we beja ti manehna.”

Akang klik eta notikasi. Ana breh raray salira nu imut sareng geulisna ditambih walerenannana.

Duh, geulis junjunan Akang. Haturnuhun parantos kersa ngabales pesan ti Akang. Mugi salira salawasna bagja sareng teu ilang tanpa karana ninggalkeun Akang nu nuju melang.

Baca juga:
"Investasi Emas dan Reksadana, Untung Mana?."
Youtube: Katabah Com: Menuju 1 jt Konten :)

No comments:

Post a Comment